Gapura

Kamis, 17 November 2011

X Ngadongeng


Irtasan Meunang Kuntul
            Sanajan rada déglo (bolo’on), Irtasan teu burung bisa hirup rumah tangga. Layeut runtut raut jeung pamajikanana, ngaran Nyi Ikok. Pakasaban matuh Irtasan nya éta kuli ari. Buburuh macul di sawah atawa di kebon. Nyi Ikok ogé tara cicingeun. Getol mantuan salaki nyiar kipayah, saperti derep, buburuh tandur atawa buburuh ngarambét.
            Selang-selang tina gawé, biasana pasosoré, Irtasan sok rajeun nguseupan kuntul. Carana teu béda ti nguseup lauk baé. Makeu jeujeur, kenur, jeung useup. Ngan jeujeurna pondok. Dicecebkeun pageuh dina galengan. Dieupanan anak lauk. Cul baé ditinggalkeun. Tara didekul ditungguan, cukup diawaskeun baé ti kaanggangan.
            Dina hiji poé, useup Irtasan disanggut kuntul badag. Teu kira-kira Irtasan bungaheunana. Saumur dumelah pasang useup, karék ayeuna kabiruyungan hasil.
            Gancang diboro. Suku kuntul diparékos. Useupna dilaan.
            Barang useup lésot, kuntul disada, “kok!”
            Irtasan ngarenjag. Kuntul diperong sajongjonan.
            “Geuning manéh nyaho ka pamajikan kami?” omongna semu héran.
            “kabeneran!” Irtasan ngarénghap panjang. “kami ayeuna masih kénéh boga kaperluan. Naheunkeun posong di lebak. Pasti nepi ka burit. Lamun manéh dibabawa tangtu matak ridu. Tah, lantaran manéh geus apal ka pamajikan kami, wayahna balik sorangan ka ditu, nya! Itu tuh, imah kami téh, beulah kidul, deukeut tangkkal randukurung. Ieu péso sakalian bawa, pakéeun pamajikan kami meuncit manéh. Ambéh engké kami datang, geus nyampak semur daging kuntul!”
            Sanggeus digantélan péso tikel, geleber kuntuk téh dihiberkeun.
            “Kadé nya, tong sumpang-simpang heula ka mamana!” Irtasan ngagorowok ka kuntul nu geus kikiplik, mubung ka luhur. Mimiti mah enya, katémbong kuntul hiberna maju ka kidul. Tapi teu lila ngoréléng ka beulah wétan. Léok ka kalér. Saterusna kebat ka kulon.
            Gero-gero Irtasan ti handap. “Di beulah kidul imah kami mah, kuntul! Di beulah kidul!”
            Kuntul teu nolih. Laju ngawang-ngawang. Nepi ka lesna teu katémbong.
            “emh…. Lebar ku péso tikel baé. Hanas dibahankeun! Sugan téh enya apal imah kami.  Ari tadi nanahaonan atuh, maké nyambat-nyambat ngaran Si Ikok sagala rupa? Irtasan kukulutus bari teu eureun-eureun gégétrét. Manéhna keukeuh teu ngartieun, naon sababna kuntul nyahoeun ngaran Nyi Ikok.
Tina Oray Bedul Macok Mang Konod
Rékaan: USEP ROMLI HM
1983


Kandaga Kecap
  • Derep              : gacong, buburuh dibuat
  • Didekul           : digawé kalawan saregep sarta lila
  • Diparékos        : asal kecap parékos, hartina diasupkeun kana wadah anu leutik nepi ka barangna kudu diparieuskeun.
  • Gégétrét          : gagaro
  • Geleber            : ngapung – dilarapkeun ka sato nu boga jangjang
  • Hanas              : kecap panyambung, nandakeun rasa keduhung
  • Jeujeur             : gagang useup (joran)
  • Kabiruyungan : pareng (meunang milik)
  • Kukulutus       : gegelendeng
  • Kuli ari            : gawé sagala dicabak (teu matuh)
  • Kuntul             : ngaran manuk ranca (sawah) buluna bodas, sok ngadaharan lauk.
  • Laju                 : tuluy, terus, atawa kebat
  • Layeut             : sauyunan tara paraséa
  • Lesna               : asal kecapna les; kecap anteuran kana ngaleungit
  • Matuh              : dumuk
  • Naheunkeun    : masangkeun/nempatkeun barang pikeun ngala lauk/manuk
  • Ngarambet      : meresihan jukut tina sela-sela paré
  • Ngarénjag        : obahna awak lantaran meunang kareuwas
  • Nolih               : merhatikeun atawa ningali
  • Pakasaban       : pagawéan
  • Posong                        : sarupaning sosog tapi panjang paranti ngala atawa naheunan belut maké eupan
  • Ridu                : leungeun nu henteu bébas lantaran pinuh (rebo) ku babawaan
  • Runtut raut      : sauyunan (harmonis, Ind)
  • Dumelah          : hirup
  • Semur              : pasakan kaolahan daging/hui kumeli (kentang).


1.      Latihan
Maham Eusi Bacaan
  1. Soal
  1. Kumaha ari rumah tangga Irtasan jeung pamajikanana téh? Saha ngaran pamajikanana?
  2. Kana naon pakasaban Irtasan téh?
  3. Kumaha carana ari nguseupan kuntul téh?
  4. Naon sababna basa useup Irtasan disanggut ku kuntul, Irtasan kacida bungahna?
  5. Basa useup dilésotkeun tina sungut kuntul, Irtasan bet ngarenjag, naon sababna?
  6. Irtasan nyebutkeun “kabeneran”, lantaran kuntul disangka apaleun ka pamajikanana jeung ka imahna. Nitah naon ka kuntul?
  7. Naon sababna péso tikel bet dibahankeun ka kuntul, nitah dibawa (digantélkeun) kana suku kuntul? Keur naon, naha?
  8. Naon baé papatah Irtasan ka kuntul, basa kuntul mimiti hiber ka luhur?
  9. Kumaha réaksi kuntul kana panggero Irtasan? Ari kuntul nepi ka imah Irtasan teu?
  10. Di tungtung carita, Irtasan masih kénéh teu ngarti kana hal naon?

  1. Kunci Jawaban
  1. Layeut runtut raut. Ngaranna Nyi Ikok.
  2. Kuli ari. Buburuh macul di sawah atawa di kebon.
  3. Dicecebkeun pageuh dina galengan. Dieupanan anak lauk. Cul baé ditinggalkeun. Tara didekul ditungguan, cukup diawaskeun baé ti kaanggangan.
  4. Sabab saumur dumelah pasang useup, karék ayeuna kabiruyungan hasil.
  5. Sabab disangkana kuntul apalleun ka Nyi Ikok, pamajikanana.
  6. Nitah balik sorangan ka imah Irtasan.
  7. Pakéeun pamajikan Irtasan meuncit kuntul jang dijieun semur.
  8. Sangkan tong sumpang-simpang heula ka mamana.
  9. Kuntul teu nolih. Laju ngawang-ngawang. Nepi ka lesna teu katémbong.
  10. naon sababna kuntul nyahoeun ngaran Nyi Ikok.

  1. Kaparigelan Nyarita
Pék caritakeun deui éta dongéng di luhur ku basa hidep séwang-séwangan!

2.      Tugas
Nyangkem Kekecapan
            Dina téks surat di luhur aya kalimah “pakasaban matuh Irtasan nya éta kuli ari. Buburuh macul di sawah atawa kebon”. Kecap kuli ari hartina gawé sagala dicabak (teu matuh). Hal di luhur kaasup kana kecap sinonim atawa sasaruan kecap atawa kecap nu saharti. Sangkan hidep leuwih paham kana kecap sinonim tur bisa ngeuyeuban hidep kana pangaweruh kosa kecap, pék eusian soal-soal di handap!

a.      Soal
Larapkeun kekecapan di handap sangkan ngawangun kalimah!
·               Caang narawangan      
·          Hérang ngagenclang
·          Ipis nalehner  (nyempring) 
·          Kandel bagewid   
·          Keukeuh keudeuh
·          Lada néwéwét      
·          Lintuh bayuhyuh  
·          Luhur ngalanglaung
·          Panas néréptép    
·          Poék mongkléng  
·          Teuas baketrak

b.      Kunci Jawaban      
·                 Caang narawangan    
          Mun pareng bulan purnama tur hadé poéna, alam caang narawangan
·          Hérang ngagenclang
   Cai nyusu mani hérang ngagenclang 
·          Ipis nalehner  (nyempring) 
   Meunang saha ngeureutan kuéh bolu téh?  Tong ipis nalehner kitu atuh, pan keur tamu!
·          Kandel bagewid   
   Paingan jerona teu asak ogé da kandel begewid kitu sorabi téh 
·          Keukeuh keudeuh
   Budak téh lamun geus boga kahayang téh keukeuh keudeuh pisan, mani hésé   dipondahna,
·          Lada néwéwét      
    Budak téh cirambay tayohna mah ladaeun. Barang diasaan enya wé kuah basona téh     mani lada néwéwét
·          Lintuh bayuhyuh  
   Sok resep ari ningalikeun budak nu lintuh bayuhyuh téh, komo mun pareng keur lumpat mah.  
·          Luhur ngalanglaung
    Langlayangan téh mumbul ka luhur mani ngalanglaung
·          Panas néréptép    
          Istrikaan téh beuki lila beuki panas naréptép
·          Poék mongkléng  
   Basa pareng listrik  pareum,  tengah imah téh mani poék mongkléng  
·          Teuas baketrak
         Kudu nu kuat huntuna resep kana sangray jaat mah lantaran teuas baketrak                

3.      Penilaian
Jenis Penilaian:
-  Responsi                        - Prakték atawa Simulasi
-  Instrumen Test

  1. PENUGASAN TERSTRUKTUR
  1. Isi Matéri/Informasi Penting

BASA JANGET
            Basa Janget, nya éta susunan ungkara nu: 1. Merenah susunanana
                                                                                 2. Atra maksudna
                                                                                 3. Teleb karasana
            Réa wangunan ungkara Janget nu geus jadi basa pakeman (cliché taal = basa kliseu), tapi teu misti basa pakeman, hasil dadakan tur modern ogé bias dipaké baé asal nyumponan sarat-sarat nu tilu rupa téa.
Conto nu mangrupa basa pakeman : - Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo
-          Bingah amarwata suta
Conto nu tacan jadi basa pakeman : - Magar pilem ramé? Nu puguh mah, raméték!
-          Budak (awéwé) téh katingalina mah bakal pigeu,
                                                            pigeuliseun!  
(sakapeung basa Janget sok disebut “Basa Plastis” = “plastische taal”)
            Ditilik tina hartina (maksudna), basa Janget téh aya lima:
1.      Ngupamakeun, 2. Mijalma, 3. Lalandihan, 4. Sindir, 5. Moyok.

1.                  NGUPAMAKEUN (ngabandingkeun). Nilik wandana, aya dua rupa:
    1. Babandingan Kabaheulaan (kaasup kana basa pakeman)
Sawaréh make kecap babandingan (lir, cara, tanding, kawas, j/siga, asa), sawaréh deui teu make kecap babandingan
                        Conto-conto nu make kecap babandingan:
-          Angkat  cara macan teu nangan
-          Jiga bueuk meunang mabuk
-          Kawas kapuk kaibunan
-          Siga careuh bulan
-          Asa dina pangimpian

Nu geus teu make kecap babandingan
-          Pipina kadu sapasi
-          Ambekna sakulit bawang
-          Nyaliksik ka buuk leutik

    1. Babandingan Jaman Ayeuna
-          Gancang kawas pesawat jét
-          Haté kuring jeung manéhna teu weléh kontak

Sawaréhna deui tina basa serepan:
-          Babadamian téh manggih jalan buntu
-          Waktu téh sarua jeung duit
-          Angin subuh ngeharéwos

    Latihan
            Téangan papasingan surat dumasar kana eusi, maksud, sarta wujudna!

            Kunci Jawaban
a.      Surat Numutkeun eusina:
-          Surat Resmi (surat dines, swasta, lembaga, organisasi)
-          Surat Dagang (niaga, brosur,reflet)
-          Surat Pribadi (gumantung kontéks tur tujuan)
b.      Surat Numutkeun maksud jeung tujuan:
-          Surat Béwara                       - Surat Lamaran
-          Surat Panuhun                     - Surat Paréntah
-          Surat Panganteur     - Surat Ondangan
-          Surat Tawaran                      - Surat Tagihan
-          Surat Putusan                       - Surat Laporan
c.       Surat Numutkeun wujudna:
-          Surat Kartu Pos
-          Surat Warkat Pos

Tidak ada komentar:

Posting Komentar