Kamampuh nulis patali jeung pengembangan social skill (kaparigelan komunikasi tulisan). Siswa miwanoh variabel-variabel papasingan surat, rangkay surat, palanggeran, katut rupa basa surat gumantung kana fungsina. Dumasar contoh matéri pangajaran surat pribadi-formal (guru/KS, Ketua RT/RW, instansi, jrrd), guru medar jenis surat pribadi-teu formal (sobat dalit, bébéné, beubeureuh, jsb). Satutasna maca bedas contoh surat pribadi, Guru ngaévaluasi résponsi siswa ku jalan méré patalekan sabudeureun téks wacana. Medar/mikawanoh ajén nu nyangkaruk dina téks, dipungkas ku métodeu ékspérimén siswa nyieun surat pribadi.
- TATAP MUKA
1. Isi Materi
Surat Pribadi
Bandung, 23 Séptémber 2007
Kahatur,
Pangersa Bapa Drs. Agung Junjunan
Di SMP Al-Muttaqin Tasikmalaya
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Sinareng Hormat.
Kapungkur bapa kantos mundut, supados abdi kedah nyeratan ka Bapa, nyarioskeun kaayaan di SMA di Bandung. Alhamdulillah abdi téh ayeuna katampi di SMA Santika Jaya Bandung. Namung hepunten anu kasuhun sareng mugi Bapa ulah janten rengat galih, wiréh abdi nembé tiasa ayeuna nyumponan pamundut Bapa. Dupi margina, abdi téh waktos ngawitan mah ngaraos tumamu pisan sakola di Bandung téh, dugi ka teu émut kana pamundut Bapa.
Yaktos baé geuning Pa, bénten pisan kaayaan di SMP sareng SMA téh. Bbakuna pisan ku margi aya pangajaran komputer sareng basa Inggris nu karaos langkung sesah. Komo pami diajar komputer mah mani teu kalis ku sababaraha kali, da teu apal-apal baé. Ari dadakuna mah istilah-istilah komputer anu sakitu seueurna, sadayana méh ku basa Inggris. Atuh upami diajar basa Inggrisna ayeuna mah langkung sesah langkung hararésé. Ngan untung baé éta pangajaran téh tiasa kabantu-bantu da di sakola abdi mah saranana tos kaétang lengkep, aya Lab Bahasa sareng Lab Komputer.
Mung pangajaran pangaresep abdi mah keukeuh baé basa Sunda. Pangaresep kana basa Sunda téh ayeuna mah dua ku tilu asa langkung kaayunkeun. Saperkawis, ku suasana sakola anu ngarojong pisan, pangpangna siswa-siswana diperedih sangkan aktip dina widang kasundaan. Sakola abdi ogé sering ngayakeun pintonan seni sareng aprésiasina. Sanaos abdi nembé kelas hiji gé sok pada ngabagéakeun ku lanceuk-lanceuk kelas kanggo aub kana rupa-rupa kagiatan. Malih kantos dipercanten janten narator dramatisasi puisi Masyitoh yasana pangarang moyan Ajip Rosidi. Atuh teu wudu kénging aprésiasi sareng pamuji ti para guru. Irung gé raraosan téh asa kembung. Kalih perkawis guru basa Sundana kalintang binangkit sareng pikaresepeunana. Komo upami nuju pangjaran aprésiasi sastra mah mani matak kagugu. Kalihna ti éta, luang pangalaman alhamdulillah beuki nambahan baé, utamina mah saparantos wawawuhan sareng para pangarang Sunda. Salah saurang instrukturna nya éta kang Darpan, pangarang nu tos teu bireuk deui.
Alhamdulillah tina éta kagiatan keurseus téh karangan-karangan abdi tos ngawitan midang di Manglé, Galura, Cupumanik, sareng Kujang.
Sakitu wé Pa, manawi perkawis sakola mah. Namung badé tumaros, dupi Nina nu pinter nembang sareng ngawih téh badé ka mana cenah neraskeunana? Ku émutan mah langkung saé ka sakola SMK (nu kapungkur Kokar téa), supados karesepna tiasa kasalurkeun. Lebar temen ku bakatna.
Muhun kitu baé, sanés waktos diteraskeun deui. Nyanggakeun sembah baktos ka Bapa miwah Ibu sakulawargi, mugia Bapa salalamina aya dina ginanjar kawilujengan
Baktos Abdi
Mayang Sétrawulan
Kandaga Kecap
Aub : Milu, ilubiung.
Binangkit : Kréatif, rancagé, motékar.
Tumamu : Kawas tamu (can bisa adaptasi di tempat anyar)
Kalis : Cukup, punah, kagentian.
Diperedih : Dipénta, dipambrih.
Pintonan : Tongtonan, lalajoaneun.
Perkawis : Perkara, urusan.
Bireuk : Nyaho, apal.
Kagugu : Kataji lantaran narik ati
Rengat panggalih : Bendu, nyeri haté, pundung.
Moyan : Kasohor (Harti injeuman tina asal kecap poyan).
2. Latihan
Maham Eusi Bacaan
- Soal
- Saha nu ngirim surat téh? Ka saha ditujukeunana?
- Naon sababna nu ngirim surat karék bisa ayeuna nyieun suratna?
- Pangajaran naon anu ku manéhna dianggep hésé? Naon sababna?
- Saha baé nu ngabagéakeun sangkan milu aub kana rupa-rupa kagiatan?
- Saran naon nu ditepikeun ku Mayang ka guruna ngeunaan Nina?
- Kunci Jawaban
- Mayang Sétrawulan, ka Bapa Drs. Agung Junjunan.
- Sabab ngaraos tumamu di sakola anyarna.
- Pangajaran basa Inggris sareng Komputer langkung sesah, teu kalis ku sababaraha kali. Dadakuna istilah-istilah komputer anu sakitu seueurna, sadayana méh ku basa Inggris
- Pihak sakola katut lanceuk-lanceuk kelas
- Nina diteraskeun ka sakola SMK (nu kapungkur Kokar téa), supados karesepna tiasa kasalurkeun.
3. Tugas
Rarangkén Barung (konfiks)
Dina téks surat di luhur aya kecap kaayunkeun. Kecap kaayunkeun mangrupa kecap rarangkén, diwangun ku kecap asal ayun nu dirarangkénan ku rarangkén barung (konfiks) ka-keun. Rarangkén barung (konfiks) ka-keun bisa ngandung harti teu dihaja atawa ogé ngandung harti dihaja
Nyieun Kalimah
- Soal
Jieun kalimah maké kecap rarangkén di- jeung ka- di handap!
1. ditunda =
katunda =
2. didéngé =
kadéngé =
3. diténjo =
katénjo=
4. dipikir =
kapikir =
5. diambeuan =
kaambeu =
6. dipiheulaan =
kapiheulaan =
7. diliwa =
kaliwat =
8. ditajong =
katajong =
- Kunci Jawaban
1. Indung mah najan keur dahar, mun anak pareng ngising, tobas (piring) nu aya sanguan téh sok ditunda heula, ngaheulakeun nyécéwokan anak.
Dongéng nu katunda téh diteruskeun deui ku Aki Dipa
2. “Montong didéngé, si Éta mah ngarahul!”
Najan jauh, sora gamelan wayang téh kadéngé mlang-mléng-mlong
3. Nya meureun baé nyebutkeun asli sotéh ari diténjo sarérétan mah. Telek-telek geura sing imeut éta lukisan Monalisa téh!
Piraku teu katénjo, sakitu kamus mani ngabagug kitu!
4. Omongan nu teu dipikir heula téh temahna matak nyilakakeun.
Ayeuna mah kapikir, pangna kolot keras ka budak téh
5. Barang diambeuan bener-henteuna tarasi, terus baé digoréng.
Najan mengék irung sarapet-rapetna, basa ngaliwat ka gunungan runtah, angger baé bauna téh kaambeu kénéh.
6. Saméméh dipiheulaan, gancang Jang Ohim narajang peureup buleudna kana gado musuhna
Buru-buru buah nu gumading téh geura ala bisi kapiheulaan ku lalay
7. Anu ngaléan (ngala pibiniheun) mah ngalana ranggeuyan nu lalandung jeung baléncar baé, da keur binih ieuh; anu teu kitu mah diliwat baé, alaeun nu dibaruat.
Kajadian nu kaliwat téh teu weléh jadi pikiran nepi ka hésé saré.
8. Paingan Si Andre mani jejengkengan kitu, ari ditajong satakerna mah
Gelas nu anyar meuli téh peupeus katajong ku budak, bongan neundeun dina jajalaneun
4. Penilaian
Jenis Penilaian:
- Responsi - Prakték atawa Simulasi
- Instrumen Test
- PENUGASAN TERSTRUKTUR
- Isi Matéri/Informasi Penting
Fungsi Surat
Sakumaha nu geus disabit di luhur, surat téh nya éta salasahiji sarana/alat pikeun nepikeun informasi sacara tinulis. Bisa mangrupa katerangan, laporan, paménta, atawa gagasan anu rék ditepikeun. Numutkeun fungsina, surat téh minangka alat/sarana komunikasi. Nilik kana jihat basa, surat téh mangrupa omongan winangun tulisan atawa karangan.
Surat mibanda sababaraha fungsi, di antarana baé mangrupa:
- Alat Komunikasi
Lian ti komunikasi atawa campur gaul sacara lisan, aya deui komunikasi anu maké tulisan. Salasahiji alat komunikasi ku basa tulisan nya éta surat. Dina nepikeun pamaksudan, sakapeung sok aya informasi anu katarima béda atawa teu luyu jeung nu dipimaksud ku nu nepikeun informasi.
- Alat Bukti Tinulis
Pikeun ngungkulan pasualan-pasualan anu aya patalina jeung hukum, upamana: jual-beuli, wasiat, gadé, waris, atawa dokumén. Sok disebut ogé surat perjangjian, surat jual-beuli, jeung surat gadé.
- Alat Bukti Historis
Salian alat pikeun bukti sajarah, surat bisa mangrupa dokumén kagiatan-kagiatan organisasi atawa lembaga nu diarsipkeun.
- Alat Organisasi
Surat bisa dipaké alat pikeun nyambungkeun sawatara pihak ku duta atawa utusan. Sagala hal anu aya patula-patalina jeung organisasi, surat bisa dijadikeun wawakil kuasa hiji perkara.
Latihan
Téangan papasingan surat dumasar kana eusi, maksud, sarta wujudna!
Kunci Jawaban
a. Surat Numutkeun eusina:
- Surat Resmi (surat dines, swasta, lembaga, organisasi)
- Surat Dagang (niaga, brosur,reflet)
- Surat Pribadi (gumantung kontéks tur tujuan)
b. Surat Numutkeun maksud jeung tujuan:
- Surat Béwara - Surat Lamaran
- Surat Panuhun - Surat Paréntah
- Surat Panganteur - Surat Ondangan
- Surat Tawaran - Surat Tagihan
- Surat Putusan - Surat Laporan
c. Surat Numutkeun wujudna:
- Surat Kartu Pos
- Surat Warkat Pos
- Surat Nota atawa Mémo
- Surat Télégram
- Tugas
Prak jieun surat pribadi, ditujukeunana ka urut babaturan sakola nu aya di kota séjén. Eusina nyaritakeun kasono hayang panggih tur ngabadamikeun acara reuni sakola!
- Penilaian
Jenis Penilaian:
- Lembar Tugas
- Praktek jeung simulasi
- Résponsi (kaaktifan)
- TUGAS MANDIRI TIDAK TERSTRUKTUR
- Informasi Penting
GELARNA BASA LEMES
(runtuyan pangajaran basa sambungan ti pangajaran II)
I. Ku dirarangkénan “um”
Deuheus – dumeuheus seja – sumeja
Béla – buméla
II. Ku dirarangkénan “in”
Sareng – sinareng tangtos –tinangtos
(dina III jeung IV biasana mangrupa mamanis basa)
III. Ku dirobah sagemblengna
Nénjo – ningali/ningal
Méré – masihan/maparin/ngahaturan
Ngedeng – ebog
Baju – raksukan
IV. Ku dibalibirkeun (alatan teu kaduga ngedalkeun nu cohag)
Ngising – kabeuratan
Kiih – kahampangan
Rék kiih/ngising – badé ka pengker heula
V. Ku rangkepan nu sarua hartina (lemes ku kabiasaan baé)
Mapagkeun – mapag
Gingsir – ngagingsirkeun
Ngajajapkeun – jajap
Ngiringkeun – ngiring
VI. Ku digenti ku basa séjén
Basa Jawa : kénca – kiwa bulan – sasih
Ceurik – nangis peuting – wengi
Basa Jawa kuna/Kawi : ogé, deui, jeung – miwah (muwah)
Dua - kalih (sakalih)
Basa Arab : kuring – abdi (abdun)
Awak/badan – jisim (jismun)
Astana – makam (makamun)
Ngaran – asma (ismun)
Basa Sanskrit : sora (omong) – sabda (cabda)
Ambek – wera (waira)
Paéh (musna) – perlaya (pralaya)
Catetan: Basa lemes budak (bobo, emam, uih, ibak/iam, acuk, pipis/papang, cicis, jsb) ulah dipaké dina basa lemes umum.
- Latihan
Ngumpulkeun (inventarisir) Kecap Basa Lemes
Jieun genep kelompok, tiap kelompok eksplorasi media internet pikeun ngumpulkeun (invéntarisir) kecap-kecap basa lemes nu robah kalawan: dirarangkénan “um”, dirarangkénan “in”, dirobah sagemblengna, dibalibirkeun, rangkepan nu sarua hartina, jeung digenti ku basa séjén, masing-masing kelompok minimal dua puluh kecap!
3. Tugas/langkah Kerja
Kaparigelan Nyarita (communication skill)
Praktékkeun dina paguneman sapopoé kecap-kecap di luhur, bari merhatikeun panta-panta tingkatanana!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar