Gapura

Kamis, 17 November 2011

X Nyarita Biantara


Nyarita salaku pengembangan social skill (kaparigelan komunikasi lisan). Siswa saurang-saurang (sample) maca téks biantara Ngawanohkeun Diri, nu leuwih diutamakeun numuwuhkeun kawani siswa nyarita di hareupeun balaréa. Guru ngaévaluasi kaparigelan nyarita siswa kayaning panta-panta gogog (lafal, intonasi, fungtuasi, rasa, jsb), jeung tagog (sikep, gaya, ngawasa audience, paroman, jsb). Dituluykeun ku téhnik éksploratif nganalisis kekecapan nu dianggep hésé. Sangkan maham kana eusi biantara, diteruskeun ku évaluasi résponsi. Medar/mikawanoh ajén nu nyangkaruk dina biantara.
 
  1. TATAP MUKA
1.      Isi Materi

Ngawanohkeun Diri
Biantara
           
Bapa/Ibu Guru basa Sunda hormateun sim kuring
Sobat-sobat kelas X, nu satujuan dina ngemumulé budaya Sunda

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
            Dina dinten munggaran nampi pangajaran basa Sunda, sim kuring minangka pupuhu kelas XA badé ngawanohkeun ka réréncangan sadaya. Wasta mah pun Gumiwang Raspati, boh pun biang boh pun bapa, kitu deui lanceuk-lanceuk jeung dulur sim kuring maparinan pangnénéh ka sim kuring téh Awang. Atuh ka sobat-sobat mun badé nyalukan sim kuring nya cekap nyebat Awang baé. Sim kuring téh anak bungsu tina tilu sadulur. Pun lanceuk duanana istri. Nu cikal jenenganana téh Mayang Sétrawulan, ayeuna téh nuju tolab di Amerika dina raraga ngaréngsékeun Master Linguistik-na. atuh nu pangais bungsu jenenganana téh Mantik Sekartanjung, ayeuna nuju kuliah di Fakultas Kedokteran UNPAD. Kawit sakola sim kuring di SMP Sunda Jaya. Pangaresep sim kuring mah kana olahraga sareng maca.
            Ku émutan cekap sakitu baé heula minangka wawanohan ti sim kuring mah. Salajengna, hususna ka sobat-sobat, ngahaturkeun nuhun anu parantos mercanten ka sim kuring janten pupuhu ieu kelas. Insya Allah sareng dungakeun sim kuring tiasa ngalaksanakeun éta amanat luyu sareng cita-cita urang sadayana. Sawangsulna ka sobat-sobat ulah asa-asa ngagetrik atawa ‘noél’ saupama sim kuring salah tincak. Mungguhing sipat jalma teu aya nu sampurna sok aya baé kasalahan. Kitu manawi nu jadi cita-cita sim kuring malahmandar sagala rupi program téh kénging pangrojong anu saé ti sadayana, amin.
            Sobat-sobat, sim kuring umajak ka sadayana, hayu ti wangkid ayeuna urang sasarengan nawaétuan sarta singkil miara basa sareng budaya Sunda. Sobat-sobat nu sakolana di SMP nu aya di sabudeureun Jawa Barat mah tangtos kantos diajar basa Sunda. Tah, ayeuna mah urang ulah lingsem upami nyarios ku Basa Sunda, bari ulah lali kana tatakramana deuih. Ka réréncangan nu kawitna ti luareun Sunda, anu tangtos teu ngartos kana basa sareng budaya Sunda, wayahna baé ulah asa-asa naroskeun ka Ibu atanapi Bapa guru, malih upami isin mah tiasa naros ka sobat-sobat. Leuh, kacipta reueusna meureun sepuh-sepuh urang ningali para rumaja mahér ngagunakeun basa Sunda.
            Salajengna, dina ieu kasempetan sim kuring baris ngawanohkeun dua urang staf. Nu munggaran sekertaris kelas, wasta…… anjeuna téh kawit ti SMP ……... nu salajengna bendahara kelas, wasta …….. mirip sareng pamaén Persib. Anjeuna kawit ti SMP………
            Salajengna……….
           

Kandaga Kecap
Bungsu                       : Anak nu paling ngora (pangpandeurina)
Cikal                           : Anak nu pangheulana lahir
Tolab (Bs. Arab)       : Diajar atawa néangan/nyuprih élmu (pangarti)
Lingsem                      : éra, isin.
Malahmandar            : Susuganan, sugan baé
Munggaran                : Nu pangheulana, mimiti
Pancakaki                  : Sarsilah
Pangnénéh                 : Nénéhna, ngaran kaasih, sesebutan kedeudeuh
Wangkid                    : Mimiti
Wasta                         : Ngaran, jenengan, asma
Pupuhu                      : Pamingpin, lulugu, kokolot.


2.      Latihan
Maham Eusi Bacaan
  1. Soal
  1. Saha ngaran nu biantara téh? Anak ka sabaraha?
  2. Naon sababna lanceukna bet aya di Amerika?
  3. Harepan naon anu ditepikeun salaku KM ka sobat-sobatna téh?
  4. Kudu kumaha alusna keur para siswa nu ti luareun Sunda sangkan bisa basa Sunda?
  5. Lian ti KM, staf pangurus kelas téh di antarana aya naon baé?

  1. Kunci Jawaban
  1. Gumiwang Raspati. Anak ka tilu (bungsu).
  2. Keur ngaréngsékeun gelar Master Linguistikna.
  3. Bisa ngalaksanakeun amanat luyu jeung cita-cita balaréa.
  4. Boga karep diajar, daék tatanya ka Guru atawa babaturan.
  5. Sekretaris jeung Bendahara.


3.      Tugas
Kecap Panganteb
            Kecap panganteb nya éta kecap-kecap nu nuduhkeun mudahna sora rasa sangkan karasana leuwih anteb.
            Kecap panganteb dibagi kana lima papasingan:
  1. Sandirasa (nuduhkeun mudahna rasa haté/batin jeung rasa lahir): aduh, h/alah, ieung, aduh/alah ieung, emh, ambuing, har, jsb.
  2. Sandisora (titiron (mimétis) sora barang): dor, jegur/jlegur, néng, jsb.
  3. Sandinétra (marengan panénjo): bray, reup, gurilap, kolényay, jsb.
  4. Sandikanta (marengan ingetan): ras, lat, leng, jsb.
  5. Sandikarya (panganteur kecap pagawéan): am, tret/gutret, jung, berebet, jsb.
Tengetan:        Manéhna lilir, nyah beunta, rét kana jam, kuniang hudang, jut turun tina tempat saréna, bray mukakeun panto, léos…..

Nyieun Kalimah
  1. Soal
Pék jieun kalimah nu maké kecap panganteb, cara di luhur!
a.      Aéh-aéh
b.      Deuleu ituh              
c.       Geuning
d.      Gusti
e.       Ih
f.        Kutan
g.      Si!

  1. Kunci Jawaban
  • Aéh-aéh, na budak téh bet ku liwar-liwar teuing, sangkilang dicarék ulah tataékan téh kalah ka hayoh térékél deui-térékél deui!
  • Deuleu ituh, nu lumpat mani nepi ka notog-notogkeun manéh, aya naon nya?
  • Geuning, datang téh ngan sosoranganan baé! Mana si Nyai jeung barudak?
  • Gusti, sugan téh lain Endang? Pangling Embi téh puguh gé, tuda ayeuna mah jadi bersih jeung kasép deuih!
  • Ih, puguh keur dipaké gunting téh, hayoh kalah rék diinjeum. Minjeum...meuli atuh!
  • Kutan, lima puluh taun yuswa téh? Disangki Emang mah Adén téh nya kinten-kinten 30 taunan sami sareng pun anak nu cikal
  • Si, baku manéh mah ari boga kahayang téh mani teu beunang diengkékeun. Teu    sirikna kudu pok torolong baé

4.      Penilaian
Jenis Penilaian:
-  Responsi                        - Prakték atawa Simulasi
-  Instrumen Test

  1. PENUGASAN TERSTRUKTUR

  1. Isi Matéri/Informasi Penting
Mikawanoh Undak-Usuk Basa
Undak-usuk basa nya éta panta-panta (tahap-tahap) atawa tingkatan basa. Undak-usuk basa dina enas-enasna mangrupa gambaran tina tatakrama jeung kasopanan. Numutkeun katerangan para ahli basa, baheula-baheula mah di urang euweuh nu disebut undak-usuk basa. Ngan dina abad ka 17 sabada aya pangaruh ti Mataram, undak-usuk basa téh kacida digegedékeunana, utamana ku para ménak.
Kaayeunakeun, undak-usuk basa dipaké pungsi pikeun silih ajénan.

Papasingan Undak-Usuk Basa
            Numutkeun katerangan para ahli basa, undak-usuk téh dibagi jadi sababaraha tingkatan atawa tahapan.

  1. Soeria Di Raja (1929) ngabagi jadi lima tahap:
-                      Basa Lemes Pisan
-                      Basa Lemes
-                      Basa Sedeng
-                      Basa Kasar
-                      Basa Kasar Pisan




  1. RI. Adiwidjaja (1951) ngabagi jadi genep tahap:
-                      Basa Luhur
-                      Basa Lemes
-                      Basa Sedeng
-                      Basa Panengah
-                      Basa Kasar
-                      Basa Kasar Pisan
  1. I. Buldan Djajawiguna (1978) ngabagi jadi lima tahap:
-                      Basa Lemes
-                      Basa Sedeng
-                      Basa Panengah
-                      Basa Loma (wajar)
-                      Basa Cohag (kasar)

  1. Drs. Taufik Faturohman (1982) ngabagi jadi tilu tahap:
-                      Basa Lemes (lemes pisan jeung lemes biasa)
-                      Basa Sedeng (keur sorangan jeung panengah)
-                      Basa Kasar (keur sahandapeun jeung kasar pisan)
  1. Drs. Budi Rahayu T. (1988) ngabagi jadi genep tahap:
-                      Basa Kasar
-                      Basa Sedeng
-                      Basa Lemes
-                      Basa Lemes Pisan
-                      Basa Panengah
-                      Basa Kasar Pisan

Ku nengetan basa nu dipaké kiwari, undak-usuk basa bisa digolongkeun jadi tilu tahap:
  1. Basa Kasar (biasana pikeun ka sato, keur nyarékan, ambek). Contona:
Mantog ka ditu, ka gogobrog sia! Aing sanggeuk neuleu bebengok sia….
Cokor jeblog ogé........
Babatok aing.......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar